Usaha Masa Depan

Engke jaman hareup mah kahirupan teh beda jeung ayeuna. Di jaman kiwari mah lamun aya kajadian ngalayangna benda aneh di langit teh, saperti UFO, sok geunjleung. Di dunia masa depan mah hal kitu teh geus teu aneh. Piring terbang nu ngapung singseleber di langit geus jadi kabiasaan. Euweuh istilah barudak lembur ka luar imah bari ngajorowok ka luhur: "Kapaaaaaaaal menta duit!". Eta pesawat UFO alias piring terbang teh malah sok ngahaja ngabagikeun sidekah/sumbangan ka manusa nu aya di bumi. Jeung deuih pesawat-pesawat teh bentukna oge lain jiga piring wae, aya nu jiga mangkok, jiga katel, malah nepi jiga coet sagala.
Tah, ku Mang Sarja mah hal eta dianggap alus pikeun lahan bisnis. Lamun jaman ayeuna mah aya tempat cuci mobil, jaman masa depan mah aya: jasa cuci pesawat piring terbang Ari masalah ngumbahna mah sarua, make steam oge atawa make salju tea. Ngan kapaksa lamun rek ngumbah piring terbang, kudu dicicingkeun heula ameh tiis. Sabab piring terbang mah panan turun ka Bumi teh ngaliwatan gesekan atmosfer, matak panas pisan nepi ka 1.250 derajat celcius!

Ngan eta kabiasan curat-coret di tembok WC mah teu jelema teu alien...sarua! Sok pirajeuneun aya alien nu cocoretan ku spidol laser, saperti tulisan: J!8229IIp ti Saturnus kantos nagog di dieu, Hidupku sunyi tanpa dirimu, BLKUTPK van Marsel...Mars Selatan!; Persib Nu Aing!; Mama aku ingin pulang; Wasit Bumi Goblog!; Tong cocoretan di dieu euy karunya ka nu boga WC, mun wani datangan aing di Planet Merkurius! © Abah Amin

Follow:

