Urang meureun geus pada-pada apal ngeunaan sato panggancangna di Bumi ieu, mangka remen oge urang nganggap yen nu panggancangna teh Cheetah, spesies ucing badag anu hirup di dataran Afrika. Kecepatan ucing ieu kira-kira dina angka 70 mph (114 km/jam).
Tapi, dina data sejen kacatet
yen sato panggancangna nu
sabenerna dicekel ku manuk, anu ngaranna The Peregrine Falcon (
Falco peregrinus). Ieu manuk kecepatanna
kungsi kacatet nyaeta: 390 km/jam (242.3 mph)! Bandingkeun
jeung kecepatan
pangluhurna anu kungsi dihontal ku mobil balap F1
anu ngan aya
dina kisaran
angka 370 km/jam (229mph)!
Sato nu populasina sumebar di sakumna benua
(kajaba Antartika)
ieu, mimiti kaancam punah
alatan habitat
tempat maranehanana ancik diruksak
ku aktivitas
manusa.

Follow: