Baraya Banyolan Sunda di Mancanagara

share to whatsapp

Alhamdulillah, geuning baraya Banyolan Sunda teh sanes ngan ukur di lembur wungkul. (Indonesia) Ayeuna tos sumebar di mancanagara oge. Aya Teh Netty, Teh Neneng, sareng Teh Aay di USA; Kang Deni sareng Teh Susie di Walanda, Kang Nandang Mufti di Jerman; Teh Dewintha Kania di Norwegia; Mang Anda, Teh Kania Anggara, sareng Kang Dhany Irfan di Jepang; Teh Mai di Taipe; Mang Uday, Teh Ning, Teh Lis, sareng Kang Dadang Kurnia di Malaysia.

Warga Rancabanyol di Spanyol

Hatur nuhun kana pangangken sareng pangajen baraya sadaya nu tos kersa nganjang di blog ieu atanapi gabung di Group Banyolan Sunda sareng Pages Blog Banyolan Sunda di Facebook. Ngahaja ngadamel ragam media teh supados baraya tiasa langkung waranoh (utamina na Facebook). Atuh catetan-catetan carita nu aya di blog ieu mah teu aya sanes kanggo ngadokumentasikeun carita-carita. Da pami di Facebook (di status/forum diskusi) mah geuning sok enggal tilem ku traffic kintunan status ti baraya.

Ieu aya sababaraha foto baraya urang nu saurna ngiring ditampilkeun di dieu. Hapunten teu tiasa sadayana, utamina ieu mah mung nu nganggo "ciri" wae nyaeta kaos Baraya Banyolan Sunda.


Baraya Banyolan Sunda di Jepang



Baraya Banyolan Sunda di Malaysia





Follow:
Instagram twitter