Nini-Nini

share to whatsapp

Jang Icham keur ngahuleng. Ningali kitu, Jang Ipan nyampeurkeun.
"Kunaon euy meni katingal lieur kitu?" tanya Jang Ipan.
"Puguhan, tadi balik salat Ied... aya nini-nini jeung budak awewe ABG. Eta budak awewe teh geulis pisan! kabeneran maranehna aya di peuntaseun jalan. Eta budak jeung nini-nini teh melongkeun wae ka urang!"
"Tuluy?" tanya Jang Ipan panasaran.
"Tuluy, budak ABG teh meuntas. Si nini mah cicing wae di peuntas. Geus nyampeurkeun, eta budak teh ngajak kenalan!"
"Hebat euy!"
"Ku kuring nya diladenan. Ku teu sangka, budak awewe teh ngajak ulin ka uing, euy. Nya atuh uing bungah pisan. Tuluy we si nyi geulis teh ku uing langsung diajak lalajo ka bioskop!"
"Eh, ari maneh mah tega. Ari eta ninina kumaha atuh?"
"Sok we keur ilaing!! Hahahahaha!" Ceuk Jang Icham bari ngabecir lumpat.
"Seblu siah! Hanas didengekeun." © Abah Amin




Follow:
Instagram twitter