Teu Sabar!

share to whatsapp

Bulan puasa, di hiji studio radio pas jam 3 sore, nu keur nyiarkeun acara kawih Sunda. Teu lila aya telepon asup ti pamiarsa.
Penyiar: "Hallo, sareng saha ieu?"
Ujang: "Sareng Ujang, ti Ujungberung. Kang request lah."
Penyiar : "Hoyong request naon?"
Ujang : "Hoyong pangmuterkeun adan Maghrib, Kang. Kintun salam kanggo bujang lapuk di Gedebage, Mang Iwan di Cililin, Kang Wira di Lembang, Kang Fahri di Banjaran, sareng Neng Elly di Cikadut!"
Penyiar: ????

(Kintunan Kang Toto Ichwanto, baraya group Facebook Banyolan Sunda)



Follow:
Instagram twitter