Kadaluarsa

share to whatsapp

Poe minggu isuk-isuk keneh Pa Kuwu Uhe geus sibuk bobongkar lomari pakeanna. Pamajikanana ngarasa aneh ningali kalakuan salakina nu biasana hese pisan hudang tina ranjang, poe harita mah tanginas pisan.

Bu Kuwu panasaran, tuluy nanya:
Bu Kuwu: "Pa, naha asa araraneh ibu mah... Papap gugah enjing-enjing teras bobongkar lomari, milarian naon, Pap?"
Kuwu Uhe: " Ieu mah, Papap nuju milarian buku nikah."
Bu Kuwu: "Oooh, aya itu dinu laci."
Kuwu Uhe: " Muhun mah ieu gening aya."

Tuluy eta buku teh dibaca ku Uhe dengan seksama serta dalam tempo sesingkat singkatnya. Aya meureun kanu 30 menit maca eta buku di bulak balik jiga aya ku panasaran kanu eusina.

Bu Kuwu: "Pap, naha maca buku teh meni lami-lami teuing? Milarian naon, Pap?"
Kuwu Uhe: "Ieu mah, Papap teh nuju milarian masa berlakuna dugi ka iraha nya? Apanan upami dinu KTP, SIM, atanapi Passport mah masa berlakuna ngan 5 taun."
Bu Kuwu: "Ooooohhh!?? Jadi Papap teh hayang buru-buru Mamah kadaluarsa?!!"

(Kintunan Kang Jack, baraya group Facebook Banyolan Sunda)



Follow:
Instagram twitter