Banyol Puasa: Kultum.... Kuliah Tujuh Mulud
Beres salat Isa, Ustad Endin naek ka mihrab. Derekdek we manehna ngaguar ngeunaan ibadah di bulan puasa. Geus aya kana 6 menit leuwih, ustad Endin mulai rek nutup tausyiah.
"Atuh, kumargi waktos supados teu nyangkolok. Mung sakieu wae kultum anu dipaparkeun ku sim kuring. Hapunten anu kasuhun, mugia ieu pepeling teh tiasa ngelinga...hususna kanggo sim kuring umumna kanggo jamaah taraweh sadaya. Sabab urang di dunya teh kedah silih elingan. Eta nu ngajadikeun hablumminannas urang berkualitas. Panan Islam ge ngajarkeun yen urang-urang teh kudu paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Eta anu.... bla...bla...bla...bla."
Jamaah katingal cenghar. Siap-siap cengkat rek salat taraweh. Ngan, Ustad Endin satarabasna nerangkeun deui eusi tausyiah. Nepi ka geus aya 20 menitna. Jamaah geus katingal elekesekeng bari teu weleh ningalian jam dinding nu aya di tukang.
"Aduuuuh, hapunten pisan. Naha asa manjangan kieu nya papatah ti sim kuring teh? Panginten mung sakitu wae. Hayu urang cekapkeun dugi ka dieu wae. Jadi intina mah, urang salaku muslim di bulan Ramadhan ieu...kedah tiasa ngembangkeun potensi amal ibadah. Ramadhan salaku bulan nu suci tur mulya ulah dieusi ku hal-hal nu matak pimadhoroteun. Bulan dimana amal dilipatgandakeun teh saestuna .... bla...bla....bla..."
Aya kana 15 menitna Ustad Endin nambah waktu. Jamaah geus nyangka tadi teh injury time. Tapi kalahkah manjang, ampir jam satengah salapan. Eureun-eureun teh basa anakna, Jang Wiweh nyeletuk ti handapeun mihrab:
"Pa, enggalkeun atuh. Cape yeuh nyeratna kanggo buku ramadhan! Itu si Mamah ge tos manyun di pengker...." © Abah Amin

Follow: