Ahirna.....

share to whatsapp

Hiji waktu aya bangsat nu keur operasi di lembur Rancabanyol katewak ku massa. Saberes digebugan, manehna tuluy digiring ka Polsek Rancabanyol. Kusabab teu mawa surat identitas, sabangsaning KTP, akteu kalahiran, atawa surat kawin.... eta bangsat langsung ditanya.

Polisi: "Saha ngaran?"
Bangsat: "Odong, Pa!"
Polisi: "Asal?"
Bangsat: "Cipeletok, Pa!"
Polisi: "Ngaran bapa?"
Bangsat: "Nami bapa mah Raden Sona Jayadiranjang."
Polisi: "Indung bapa masih aya?"
Bangsat: "Bapa abdi mah tos ngantunkeun Pa. Ibu mah aya keneh, namung nikah deui. Duka di mana. Da kabur basa bulan kamari, kumeh bade nikah teu disatujuan ku anak-anakna... kalebet ku abdi."
Polisi: "Mmm... Tah, saha ari ngaran indung teh?"
Bangsat: "Neneng Ayank.."
Polisi: "Ke...ke...ke... Ilaing boga lanceuk teu?
Bangsat: "Gaduh, Pa. Gaduh tilu raka mah."
Polisi: "Saha wae ngaranna?"
Bangsat: "Utis, Dedi, sareng Mulyana."
Polisi: "Ari adi boga oge?"
Bangsat: "Gaduh, dua...Pa!"
Polisi: "Saha ngaranna ?"
Bangsat: "Icham sareng Achy."
Polisi (ngahuleng sakedapan): "Oh..geuning ilaing teh anak tere aing, siah!

(Kintunan Kang Vitman Muhammad Fahry, baraya group Facebook Banyolan Sunda)



Follow:
Instagram twitter