Manawi Teh

share to whatsapp

Hiji waktu di aula desa Rancabanyol diayakeun survey ka 100 rumaja nu aya di Rancabanyol. Surveyna ngeunaan kabiasaan barudak rumaja dina kabiasaan bobogohan. Sistem pengumpulan data ka responden dilakukeun kalayan sistem tanya langsung. Eta 100 rumaja tea ngan dititah ngacungkeun leungeun lamun nyambung jeung pertanyaan nu diajukeun ku tim survey. Rek ngacungkeun leungeun sababaraha kali ge teu matak nanaon, da ieu mah survey nu disaluyukeun jeung kayaan responden.
"Saha nu pernah bobogohan keur jaman SD keneh?" tanya petugas.
Aya kana 27 urang rumaja nu ngacungkeun leungeun. Berarti sarua oge jeung ngawakilan tina 27%.
"Ayeuna, saha nu can pernah bobogohan nepi detik ieu?"
Nu ngacungkeun leungeun aya 4 urang.
"Saha nu pernah boga kabogoh beda kampung?"
Nu ngacungkeun leungeun aya kana 63 urang mah.
"Tah... Saha nu pernah boga kabogoh loba?"
Ieu mah rada aya kana sapuluh detikna nungguanna ge. Nepi ka ngan aya saurang nu ngacung teh. Eta oge budak nu diuk di pangtukangna.
"Wah, ieu mah rada unik yeuh!" gerentes petugas nu tadi mere pertanyaan. Eta petugas nyampeurkeun nonoman nu aya di tukang tea, "Ke... naha Ujang teh bener pernah boga kabogoh LOBA?"
Eta paroman pamuda ujug-ujug pias, bari langsung ngajawab:
"Euh... euh, punten Pa lepat. Tadi pertanyaan Bapa, ku abdi rada kirang jelas kadangu. Manawi teh: pernah boga kabogoh domba!"
© Abah Amin





Follow:
Instagram twitter