Kejem!

share to whatsapp


Cenah bangsa Romawi mah euyeub ku kisah-kisah heroik jeung sajarah. Ngan.... kaasup bangsa kejem oge geuning bangsa Romawi teh! Naha? Kieu caritana:

Hiji waktu di lapang Gladiator aya 6 tahanan nu diadukeun jeung 6 maung deui alias meong nu very-very buas.
Kabeneran aya bangsawan Romawi nu ngajak anakna, umurna 7 taunan lah. Ngahaja nyokot kelas VIP tah lalajona teh. Budakna diuk gigireun bari dahar combro.

Teu lila...
Maung dikaluarkeun tina kerangkeng. Eta maung-maung buas teh ngudag 6 tahanan tea. Tapi, tahanan ge ngalawan heula...antukna eta maung jeung para tahanan teh galungan. Nepi aya sababaraha tahanan nu mulai eleh, tur dikerekeb ku maung.

Budak: "Bapaa..........!! Itu karunya!"
Bapa: "Keun wae, Jang. Ngaranna ge tahanan, geus nasibna!" (Budakna diupahan yen sing sina ngarti kana budaya bangsa Romawi)
Budak: "Bapaaa... itu karunya pisan!"
Bapa: "Geus, Jang... da nasib tahanan mah kitu. Bongan bangkawarah ka nagara!"

Ari pas ditingali Bapana, eta budak teh keur tutunjuk ka maung nu keur ngungudag hiji tawanan nu titatadi teu beunang-beunang dirontok.
Budak: "Bapaaaaaa... abdi mah karunya soteh itu maung titatadi can meunangkeun dahar jelema!"
Bapa: "Siah...! Sugan teh titatadi mangkarunyakeun ka tahanan."
© Abah Amin



Follow:
Instagram twitter