Ge-er

share to whatsapp

Geuning, ari toilet alias WC di mall mah sak ngajejer pagigir-gigir. Jadi lamun nagog teh kadang sok kadangu "euh!" di nu sabeulaheun. Hal ieu alatan ku padeukeutna rohangan WC tea.

Hal ieu kaalaman ku Mang Uday, urang dusun nu jauh ka bedug. Hiji waktu, manehna ulin ka mall. Na, atuh sabot keur jalan-jalan.. beuteungna karasa ngulibek hayang 'setor'.

Manehna culang-cileung waku asup ka toilet nu jumlahna aya kana 3 rohangan mah. Rohangan kahiji aya nu ngeusian, katingal pantona nutup. Nya antukna manehna asup ka rohangan WC nomer 2.

Sabot nagog, di rohangan WC gigireun aya nu ngomong.
"Kumaha cageur, euy?"
Bari anteng cingogo... Mang Uday ngahuleng sakedapan. Antukna manehna ngajawab.
"Sae!"
"Kumaha kulawarga di lembur sarehat?" nu di gigireun nanya deui.
"Sehat wal afiat!" Mang Uday ngajawab.
"Budak nu paling gede geus kelas sabaraha?" tanya nu di gigireun.
"Tos kelas 5 SD!" Jawab Mang Uday bari ngeden.
"Si Jack Bedog cenah maehan jelema deui kamari? Untung uing mah kabur euy!! Cukup sakali we ngarogahala jelema mah!"
"Duka tah teu terang. Memang saha kitu Jack bedog teh?"

Jempling sakedapan. Kadenge sora di WC gigireun tea.
"Yo, HP-na ditutup heula nya??!! Engke uing nelepon deui. Ieu gigireun uing aya jelema cipleuk! Titadi nimbrung wae ngomong. Ke ku uing kudu ditonjok meureunan... uing ombeh heula nya! Kesel uing mah titatadi asa dilelewe..!!"

Mang Uday langsung pias. Cingogo luhureun liang pamiceunan teh, ayeuna mah bari dibarung ku kesang tiis. Sugan teh ngajak ngomong ka manehna. Beuh! Palias, kaluar ti WC aya bahan disiksa yeuh!



Follow:
Instagram twitter