Diamputasi

share to whatsapp

Echi Putri
Dokter: Aya dua wartos nu bade didugikeun ka akang. Nu kahiji wartos pikabungaheun, anu hiji deui wartos pikasediheun. Akang bade ngupingkeun nu mana heula ?
Pasen :Abdi mah hoyong ngupingkeun nu pikasediheun heula, Dok ?
Dokter : Sampean Akang kedah diamputasi, maksadna dipotong duanana dugi ka tuur.
Pasen : Ya Allah! Teu tiasa ku tarekah sanes nu langkung ringan, Dok?
Dokter : Teu tiasa...
Pasen : Dupi wartos nu pikabungaheunana kumaha, Dok ?
Dokter : Sapatu kagungan Bapa bade dipeser ku pembantu sim kuring....
Pasen : ???

Ujang Hendi
Pasien: cekap kanggo biaya amputasi teu dok?

Hidayat Jayagiri
Sendal singaparna oge anu tina karet atah aya keneh sabeulah deui mah. Cekap we kanggo ngagaplok dokter mah...... (bari jamedud)

Echi Putri
Kang Dayat teh keluarga pasen kitu? Ngadangu bade diamputasi eta meni jamotrot kitu... bari ngeupeul-ngeupeul sangu dina piring... ambek atanapi lapar?

Hidayat Jayagiri
Asalna mah lapar, mung ari sangu tos dipiringan laukna digiwing ku ucing kukutan dokter. Ari kuring rek nyarekan ucing mah pan teu lepel mending nyarekan anu bogana. Bergengsi keneh disebut pasea jeung dokter dari pada pasea jeung ucing.

Echi Putri
Upami kitu mah saha atuh nu diamputasi teh.... ucing sanes?

Hidayat Jayagiri
Nyaeta duka saha. Pan ari nuju lapar mah boro-boro bisa mikir atuh, Neng?

Aweng Tea
Patuangan nu di amputasi teh..................bakat ku lapar. Kitu manawi.

Sona Setiawan
Hebat nya ucing na...

Dedi Siswandi
Ke heula dokter! piraku suku ngan saukur singsireumeun kudu diamputasi? Apanan cenah cukup diasongan gula we ngarah sireumna kaluar !

....

** Banyolan salengkepna mangga nganjang ka Forum Diskusi group Facebook Banyolan Sunda.


Follow:
Instagram twitter