Miss...

share to whatsapp

Hiji waktu di Amerika diayakeun kagiatan Miss World. Para pamilon ti sakabeh dunya aya di dinya. Pembawa acara neybutkeun hiji-hiji para pamilon tea.
Jol ka luhur panggung wanoja geulis leumpang ngagandeuang.
“Inilah diaaaa...Misss Jermaaaan!”
Teu lila bijil deui hiji wanoja geulis kabina-bina ngagandeuang di luhur panggung.
“Inilah diaaaaaaa....Misssss Spanyooooool!”
Geus kitu....ari pek teh bagean ti Indonesia..nu bijil teh nini-nini rerempo. Manehna naek ka panggung, sanajan MC can nyebutkeun ge. Eta nini-nini leumpangna bongkok, mawa iteuk, buuk jabrig...jeung bari nyeupah!
Si MC terus ngenalkeun eta pamilon ti Indonesia:
“Inilah diaaaaaaaaa...Miss...Misss......Misteri Gunung Merapi!”



Follow:
Instagram twitter