Zonasi di Kampung Rancabanyol

share to whatsapp

PPDB Zonasi Lucu
Kumeh keur rame di Kampung Rancabanyol ngeunaan abus sakola alias PPDB nu make sistem zonasi. Barudak sakola teh ngalabring indit sakola eta-eta keneh jeung tatangga sorangan, batur sakaulinan di lembur. Atuh kabayang engke mun reunian teh, ngariung eta-eta keneh.

Matak teu heran, mun barudak bobogohan ge jeung babaturan sakola sorangan. Jadi lagu dangdut "Pacar Lima Langkah" ge bisa kalaksanakeun. Jarang nu barobogohan LDR alias jajauhan kawas na lagu "Kabogoh Jauh" ti Mang Darso teh.

Leuwih bingung mah si Ojil anak Mang Juhro, eta da mun rek mabal ti sakolaan teh sok mikir dua kali. Tuda mun kabur ti sakola luncat ti benteng sakola teh, jol aya di suhunan imahna. Mun rek mabal ka benteng leuwih jauh, keneh kehed.. da pas turun imah tatanggana. Atuh mun ningali si Ojil keur luncat ti benteng sakola teh, tatanggana langsung ngalaporkeun ka Mang Juhro.

Jeung deuih, ari ujian barudak sakola geus UNBK alias berbasis komputer. Ari daptar sakola mah? Berbasis....meteran dimana nu imahna deukeut sakola, peluang abusna gede!

"Resep nya Mang kolot-kolot barudak keur ngaributkeun sistem sakola make sistem zonasi!" ceuk Mang Emplud.
"Heueuh euy. Nepi rek ngadaptarkeun budak sakola ge, ngantrina edun!!" jawab Mang Juhro.
"Keun ketang. Bangsa urang mah panan resep kana ngantri jeung ruang riung ngarumpul teh. Lain wea daptar budak sakola, panan dibagi sembako, nyieun e-KTP, nyieun kartu BPJS, nepi ngalamar gawe di bursa kerja ge... teu weleh ngantri!"
"Bener. Ruang riung ge panan karesepna. Lain botram wae ngariung teh. Ti nongton Persib, lalajo imah kahuruan, nepi mun aya tabrakan, oge teroris rek ngabom ge.... di urang mah resep ngalalajoan!"
"Lain deuih eta, balik deui ka sistem zonasi... tuntutlah ilmu sampai negeri Cina teh rada hese diterapkeun. Baroraah rek ka Cina, hayang asup sakola ti Kabupaten ka Kotamadya ge hese!"
"Komo banyak jalan menuju Roma mah, boro-boro apal jalan jauh... tiap indit sakola ge mapay jalan lembur sorangan. Tapi, sabenerna zonasi teh lain wae di sakola!"
"Maksudna?"
"Eh.. nepi preman ge panan make zonasi, wilayah kakuasaan! Tong wani-wani manehna ngaganggu zona lain, komo ti zona lain asup ka zona manehna!"
"Heueuh oge nya. Jurig ge sarua Mang. Kuntilanak ge tong ngaganggu zona kunti lain. Kabayang kunti nu biasa ngageugeuh zona tangkal caringin, jol pindah ka zona tangkal asem. Atuh bisa pasea jeung kunti nu ngageugeuh tangkal asem!"
"Hahaha... tong boroning kunti. Ucing we... panan zona manehna sok dicirian ku dikiihan. Mun zona ucing garong diganggu ku ucing budug, bisa pasea rongkah tah eta dua ucing!"
"Laaah.. asa jauh nya euy bahasan urang teh. Keun bae ketang da banyol ieuh! Komo mun zonasi salaki pindah ti imah pamajikan ka imah awewe lain...."
"Atuh... mun teu salingkuh nya nyandung eta mah! wkwkwkwk. Aya bahan pasea mun kapanggih!"
"Zonasi oh zonasi.. aya bahan wae picacapekeun jeung picaritaeun!"


Follow:
Instagram twitter