Kabiasaan Unik Ngan Aya di Urang

share to whatsapp


1. Kunaon di jalan bet aya wae beurit kageleng? Di Amerika aya teu nya?
2. Mun rek make baju nu di gantungan, sok dikebut-kebutkeun heula.
3. Mun aya hajatan, Hansip pasti pasanganna dreum.
4. Tukang parkir = tukang sulap. Keur asup ka parkiran  mah euweuh, waktuna rek balik mundurkeun motor... jol aya di tukang milu mantuan.
5. Beda pendapat = musuh. (tapi teu kabeh).
6. Geus dahar gorengan, minyakna sok diusap-usapkeun kana leungeun atawa suku.
7. Ngagunting kuku suku, mun aya kekeongeun sok diambuan. Geus nyaho bau!
8. Keur nawar barang dagangan, mun tukang dagangna teu mere wae, make jurus indit heula. Ameh engke digeroan nepi ka harga nu ditawar deal atawa nengah.
9. Ku naon di jalan sok aya wae sendal budak murag sabeulah?
10. Dahar mie instant/baso asa teu lengkep mun teu disanguan.

11. Kajadian leungit sendal di masjid, hal lumrah.
12. Ngalungkeun oray paeh ka tengah jalan.
13. Korek gas leungit kabawa babaturan ngariung.
14. Tawar gatra, nawaran dahar ka batur tapi sabenerna alusna mah nu ditawaran hayangna nolak.
15. Waktu namu ka imah batur, mun dahareun di piring sok disesakeun hiji.
16. Sarapan najan geus dahar gorengan atawa roti, can sah mun can dahar sangu.
17. Mun lalaki geus kiih, naha sok ngagibrig.
18. Mun ngorong, sok ditempelkeun kana meja atawa korsi.
19. Mun dahar baso, emihna heula dibeakkeun. Terakhir karek basona.
20. Mun kasurupan... nu ngancikna teh nu geus maot atawa mbah. Padahal mun enya nu geus maot, kali-kali mah atuh kaasupan ku Michael Jackson.

21. Dinu kariaan (keramaian) sok aya we tukang dagang balon budak. Ti balon karakter Nemo, Upin-Ipin, nepi Dora.
22. Mun aya nu nginjeum duit, gampang nginjeum hese nawur. Ditagih, ngadon nu nginjeumkeun aral, malahan era nagihna.
23. Ahli hisap, mun geus dahar asa can lengkep mun teu udud.
24. Mun liliwetan, aya we jalma nu  teu pipilueun tapi waktuna asak pangheulana nyiuk sangu.
25. Mun poe Minggu, aya we pasar tumpah ngagunakeun lahan lega. Nu penting aya nu ngamimitian, pasti kadituna rame.
26. Embung ngamimitian, "Mangga ti payun!" tapi waktuna geus jalan, asa pangaingna. Mun aya kasalahan, protes diheulakeun bari teu ulubiung ti mimiti.
27. Kopi panas leuwih ngeunah disuruput tina pisin.
28. Mun rek asup bulan Puasa, kodeuna aya iklan sirop Marjan.
29. Mun geuleuh ka batur, sok neangan balad pikeun menta dukungan.
30. Ari keur bobogohan nyebut "baby", geus putus teu sidikna asa ningali "babi".

31. Mun ngabahas pulitik, asa pangnyahona leuwih-leuwih ti politikus.
32. Asa aing boga niley leuwih mun wawuh jeung pejabat, artis, atawa aparat.
33. Bangsat sendal beak digebugan, koruptor mah bisa seuri keneh rek dihukum teh.
34. Teu saeutik artis naekkeun pamor ku sensasi tibatan prestasi.
35. Caleg bageurna rek pemilu, geus kapilih mah boro-boro inget.
36. Aya we nu jago ngulik bin ngakal, ti muka konci motor sababaraha detik nepi carana meunang duit ku mark up anggaran.
38. Budak sakola mun dititah guruna ka hareup teu bisa, sok disurakan jeung diseungseurikeun. Waktuna nu nyurakan titah ka hareup, saruana ngeleper.
39. Mun aya nu make sapatu anyar, sok ditincakan pikeun perkenalan.

40. Mun aya nu indit wisata, sok menta oleh-oleh bari tara nitip keur meulina.
41. Nu ka Mekkah, balikna dibere gelar atawa dilandih "haji".
42. Mun alat elektronik ruksak, kadang sok digebugan ameh hurung deui.
43. Ibu-ibu naek motor matic, sarua jeung jalan manehna. Kuma aing we!
44. Mun aya operasi polisi, bisa mah muter balik. Mun henteu, api-api motor mogok atawa ban kempes demi menghindari tilang. Teu saeutik eureun heula di warung nepi operasi beres.
45. Geus nyaho jalan macet, hayoh we ti tukang ngelaksonan.
46. Teuing kunaon mun Jumaahan sok gampang tunduh waktuna khotib ceramah.
47. Nongkrong di pos ronda bari gigitaran atawa maen kartu.
48. Mun lalajo maen bal, wasit digoblogkeun.
49. Cai mineral naon wae merekna, disebutna Aqua.
50. Mun bulan puasa, buka takjil kudu wae jeung gorengan make cengek.

51. Mun ka tempat wisata aya turis bule, sok diajak difoto bareng.
52. Mun aya nu ngabalakan miceun runtah di hiji tempat, nu lain sok nurutan.
53. Iklan sedot wc sok ditempelkeun di tihang listrik.
54. Mun Hansip/Satpam ngaronda, pasti we nakolan tihang listrik.
55. Mun ngabaso, sok hese pisan ngecrotkeun saos/kecap dina botol. Tapi ku tukang dagangna mah kawas nu gampang.
56. Pasti we di WC sakola atawa terminal sok aya nu curat-coret di tembokna.
57. Mun Lebaran, kaleng Khong Guan eusina ranginang atawa opak.
58. Mun panggih jeung mantan di jalan, asa panggih jeung jurig.. reuwas jeung salting.
59. Calana Levis kurang pas? Bawa we ka tukang permak nu biasana mangkal di hareupeun atawa sisi tokona
60. Mun konser dangdut, pasti we aya nu garelut.

61. Mun ngagoreng, sok sieun ku cepretan minyak. Rerengkogan.
62. Masalah urusan duit, biasana sok ngaganggu stabilitas komunikasi, interaksi, jeung silaturahmi.
63. Mun aya rahasia, "Tong dibeja-beja nya. ngan maneh wungkul nu apal". Bari ngomong kitu teh ka sasaha.
64. Awal bulan puasa, masjid pinuh kunu taraweh. Sababaraha poe rek Lebaran... masjid corengcang.
65. Mun di sakolaan, ngageroan babaturan ku ngaran bapana.
66. Mun di jalan hayang dolmod, nyakuan batu.
67. Mun aliran, karek ge ngahurungkeun lilin... eh listrik sok jol hurung.
68. Mukaan deui wae kulkas, geus nyaho euweuh eusina.
69. Budak kosan, disalametkeun ku mie instant di tanggal kolot.
70. Ari babaturan difoto ku urang hasilna alus, ari manehna moto urang hasilna kalahkah sok goreng.

71. Keur leutik mun diajar piano, mencetna do re mi fa sol la si do. Laguna Ibu Kita Kartini
72. Mun ngagambar: gunung, sawah, awan, jeung aya tangkal pare saeutik
73. Ngerjakeun PR isuk-isuk di kelas memeh bel sakola disada
74. Mun ningali aya nu ngariung di sisi jalan, sok panasaran hayang ningali aya naon
75. Jaman baheula mah, mun peuteuy pendulan (kembang peuteuy) sok dijogedan


Follow:
Instagram twitter