Humor Pemilu 2019

share to whatsapp


#1
Pendukung 01 jeung 02 keur pasea:
"Cenah pendukung 01, naon siah eta ngudud make dijepit? Make hiji atuh!"
"Heuh, engke aing ngudud ngan make curuk. Ududna rek ditempelkeun make selotip! Awas oge siah maneh!"
"Awas naon?"
"Mun ngarasa pendukung 02, awas siah mun ngorong make curuk wungkul. Kudu dua ramo!"

#2
"Edan si eta mah caleg balas ku ganteng!"
"Ku naon kitu?"
"Spandukna di sisi jalan leungit wae dibawaan ku ibu-ibu. Keur koleksi..."

#3
Keur Pemilu aya bapa-bapa ngamuk ka KPPS.
"Kumaha ieu teh? Teu baleg pisan!"
"Ku naon Pa? Pami aya keluhan mangga laporkeun..."
"Ongkoh denah Pesta Demokrasi. Ondangan aya, tenda dipasang... tapi mana organ tunggal jeung parasmananna? Hanas uing teu sarapan heula tadi di imah!"
"Harrrr... ari Bapa!! Damang?"







Follow:
Instagram twitter