Misteri Salempak Bolong

share to whatsapp


Aya budak nu bisa kasebut aneh. Cenah ceuk nu bisa mah, eta budak boga kamampuan linuwih.
Waktu manehna keur SD:
"Ujang teh rangking kahiji, hayang hadiah naon?" tanya bapana.
"Abdi mah palay salempak bolong..." jawab budak.
Bapana rada kerung. Aya-aya wae, ceuk gerentes bapana. Tapi teu burung ditedunan da bapana nyaho budak boga kaanehan. Eta budak dibere hadiah salempak bolong.


Kitu oge waktu budak keur SMP.
"Jang.. poe ieu tepung taun, Ujang hayang dibere hadiah naon ku Bapa?" tanya bapana. Eta budak ngajawab, hayang dibere salempak bolong.
"Keur naoneun Jang?"
"Ke.. hiji waktos ge Bapa bakal ngartos.." jawab budak.
Ahirna, eta budak dibere hadiah salempak bolong.

Kitu oge keur SMA, basa eta budak jadi murid teladan..keukeuh hayang dibere hadiah salempak bolong. Nepi budak teh kuliah S1, angger pamentana salempak bolong. Nalika eta budak nuluykeun kuliah S2 di luar kota, hiji waktu waktu bapana nelepon. Bapana teh keur gering ripuh.. sahoshoseun.

"Jang.. buru balik. Bisi Bapa teu katungkulan ku hidep. Nu utamana mah, samemeh Bapa mangkat...Bapa hayang apal.. kunaon hidep tileuleutik bet hayang wae salempak bolong. Bapa panasaran naon maksud hidep..."
"Mangga, Pa. Abdi ayeuna bade langsung ka dinya. Tos waktosna abdi mukakeun rahasia naon maksadna abdi nyuhunkeun wae salempak bolong ka Bapa.." jawab budak bari nutup telepon. Biur we eta budak teh ngebut make motor. Tapi di tengah jalan, manehna tabrakan. Maot we eta budak teh.

Tah, nepi ka ayeuna teu kaungkap misterina... kunaon eta budak bet menta wae salempak bolong.



Follow:
Instagram twitter