Beda Jaman Baheula jeung Jaman Ayeuna

share to whatsapp

Beda zaman dahulu dan zaman sekarang

Jaman baheula: Kabutuhan hirup sandang, pangan, papan
Jaman ayeuna:  Kabutuhan hirup sandang, pangan, paket data

Jaman baheula: dahar di restoran ngado'a heula
Jaman ayeuna: dahar di restoran selfie heula

Jaman baheula: ulin kaluar neangan papatong
Jaman ayeuna: ulin kaluar neangan Pokemon

Jaman baheula: tivi biasa, tayanganna ngeusi
Jaman ayeuna: tivi canggih, tayanganna garoreng

Jaman baheula: beungeut geulis hasil dangdan
Jaman ayeuna: beungeut geulis meunang ngedit

Jaman baheula: barudak ngangon munding
Jaman ayeuna: barudak ngangon motor

Jaman baheula: barudak nyanyi "Di Sini Senang Di Sana Senang"
Jaman ayeuna: barudak nyanyi "Sakitnya Tuh Di Sini"

Jaman baheula: curhat ka sobat
Jaman ayeuna: curhat  na status

Jaman baheula: ngerjakeun PR nanyakeun ka babaturan atawa ka kolot
Jaman ayeuna: ngerjakeun PR nanyakeun ka Google


Follow:
Instagram twitter