Lirik "Alam Priangan" - Euis Purnama

share to whatsapp


Duh … mega bodas
Kasorotan sinar layung
Duh … matak waas
Lamun nyawang kota Bandung

Tegal alas pahumaan
Hejo lemok pategalan
Disawang ti kaanggangan
Matak inget ka sarakan

Cur cor cipancurannana
Cinyusu… herang caIna
Matak Betah tumaninah
Duh…. alam Priangan

Duh... nya di dinya
Kuring tepung jeung anjeunna
Duh panineungan
Pangbalikan alam Priangan


Follow:
Instagram twitter