Lirik Lagu "Teuteup jeung Imut" - Rita Tila

share to whatsapp


Wengi tadi salira imut ka saha
Linduh soca nyeredet mudunkeun lenyap
Wengi tadi salira imut kasaha
Teuteup asih marees patingal manis

Kacipta imut salira mun kuring panutanna na
Lelebna kedaling rasa kanggo salamina
Hanjakal imut salira ngalanglang tepung salangkung
Teu acan dumugi ati salira tos angkat deui

Wengi tadi lamunan manteng salira
Nyipta pareng iraha patepang deui


Follow:
Instagram twitter