Lirik Lagu "Sasalimpetan" - Detty Kurnia

share to whatsapp


Gunung-gunung jujungklungan
Pasawahan hejo lembong
Curcor cai kahuripan
Walatra kertaraharja

Saung lisung tutunggulan
Haleuang bujang jeung lanjang
Sempal guyon gogonjakan
Daratang ka pilemburan

Sa..sa..sa..salimpetan…aduh ieung
Urang rek rerencepan
Patepung paduduaan

Sa..sa..sa..salimpetan…duh ieung
Urang rek rerencepan
Patepung di bale nyungcung

Tepis wiring nu lungkawing
Kasilir angin ti lamping
Angin tingtrim ngahariring
Hariring tilam kaeling

Pucuk awi lir gugupay
Gugupay gupay manehna
Pucuk ati na salempay
Salempay tilam katresna


Follow:
Instagram twitter