Lirik Lagu "Puncak Bogor" - Rita Tila

share to whatsapp


Angin ngahiliwir
Nepak pucuk daun
Nu ting arulang
Di Puncak Bogor

Hawa seger beresih
Linduh kebon enteh
Nu hejo ngemploh
Di Puncak Bogor

Urang turun ka landeuh
Silih cepeng panangan
Karaos pageuh
Di Puncak Bogor

Leumpang sareng pakaleng
Geter asih sumanding
Ngantring hariring
Di Puncak Bogor

Di Puncak hate urang mangkat
Di Bogor cinta urang ligar mekar
Mun jaga urang neang tempat eta
Mugia Puncak Bogor tetep lana


Follow:
Instagram twitter