Lirik "Bulan Teh Langlayangan Peuting"

share to whatsapp



Bulan teh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.

Bedil geus dipeloran
granat geus disorendang
ieu kuring arek miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.

Bulan teh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sunda
kacipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.

Bedil geus dipeloran
granat geus disorendang
ieu kuring arek miang
jeung pasukan nu saati
ka wetan muru bijil balebat.


Follow:
Instagram twitter