Lirik Lagu "Batan Nganggur" - Irwan Ernawan

share to whatsapp


Batan nganggur mending cara batur
nu nyoba usaha dagang sora
goreng jeung alus nomer dua
anu penting na mah urang nyoba

Mugi-mugi jalma baroseneun
ku loba lagu anu ngeunaheun
sing papaheula panasaran
meuli sora kuring nu pas-pasan
sabab loba pisan mangpaatna
batan meuli barang nu teu guna

Mangka sing gancang geura boga
lumayan batan katabrak beca
kahayang ngalamar ka kantoran
tapi sok tara aya lowongan
nu aya ge kalah dikurudan
komo nu keur ngamimitian

Nyoba usaha jual-beli
loba ngajual batan meuli
nginjeum duit modal usaha
teu dibere da euweuh buruhna

Mending ge milih ngembangkeun bakat
najan bakat,bakat ku butuh
tibatan kuring barang penta
mending dagang sora bari maksa

Cita-cita hayang jadi doktor
najan ngodok nu kotor-kotor
komo mun nu dikodok na bahenol
lumayan najan leutik honor
lantaran tara aya bejana
bapa doktor hirup na sangsara

Teu cara dukun anu di lembur
saeutik gawe lobana nganggur
matak jadi jalma kudu pinter
ngarah heunteu gampang kabalinger
neangan gawe pasti teu sulit
komo lamun dibarengan duit...


Follow:
Instagram twitter