Lirik Lagu "Kasmaran" - Hetty Koes Endang

share to whatsapp


Upami ningali kembang
Kacipta manehna ngalangkang
Kapiraray pameunteu nu asri
Nu anggun manis
Kapiati geus titip na diri
Jiwa romantis

Upami ningali bulan
Kagambar manehna nembongan
Linuh rasa imutna sorana
Ngagupay heman
Ngagalindeng mungkusan hariring
Tembang kasmaran

Kamana-mana urang bareng (urang bareng)
Kamana-mana urang nyanding (urang nyanding)

Satujuan sahate saihwan sakatineung sakamelang
Salira mah ngundangan harepan natar asih anu manjang

Upami laksana tepung
Mamanis sumanding gumulung
Putih asih nu wening gumeling sajalan leumpang
Mapaesan carita balaka cinta nu urang


Follow:
Instagram twitter