Lirik Lagu "Maribaya" - Darso (Versi Calung)

share to whatsapp



Di Maribaya manehna kungsi nyarita
Cenah asih ngarandakah jeung deudeuhna
Najan angin nu lirih leuih datangna
Arek langgeng manehna neundeun cintana

Di Maribaya manehna serah teuteupan
Nyukcruk nyuuh pasrah renghap satekadan
Taya daya nu wasa mungpang karepna
Da sok inggis manehna pegat geugeutna

Mangka lisana cenah asih tingtrim diri
Nu saenyana puguh asih nyari panggih
Lana makalangan
Kuring leumpang dina jero pangimpian

Ku Maribaya manehna ngambang kabandang
Taya daya muka tresna saliwatan
Najan diri kaburu aya nu boga
Tapi tetep asih mah anu manehna


Follow:
Instagram twitter