Sisindiran

share to whatsapp

#1
Di jambatan aya injuk
Lamun keprok matak waas
Mantan teh jiga cucunguk
Mun paamprok matak reuwas

#2
Aya hayam, hayam kate
Hayam kate ti Cihaur
Percuma lila PDKT
Kaburu direbut batur

#3
Ka Nyalindung diaspalan
Meuli bogo make toga
Lain embung dirapalan
Kabogoh ge acan boga

#4
Tibatan jalan gang buntu
mending ge ka Baros bae
Tibatan abdi dipalsu
mending ge teu cios bae

#5
Majar maneh cengkeh koneng
kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
kulit beuteung mani nambru


Follow:
Instagram twitter