Supaya Rejeki Teu Dipacok Hayam

share to whatsapp

"Maneh teh tong hudang wae beurang. Hudang teh isuk-suk atuh... bisi rejekina dipacokan ku hayam!" ceuk Komandan Hansip ka Cep Beben. Cep Beben ngan ngeluk tungkul. Hudang jam 11 beurang geus aya nu ngawakwak.

Basa waktu manjing ka magrib. Warga Rancabanyol ibur... hayam-hayam pararaeh, aya nu ngaracun cenah.
"Sok, ayeuna mah moal aya nu macokan rejeki aing siah!" ceuk nu keur mandi di MCK, nyampoan sirah lenangna make taneuh angir.

(Abah Amin)

.


Follow:
Instagram twitter