Pemulihan Umum

share to whatsapp

"Serba salah di urang mah nya?"
"Serba salah naonna atuh euy?"
"Enya eta oknum pamingpin ieu nagara. Asa jadi pajuliwet tuda keur rahayat mah. Mun diarantepkeun, asa mahabu korupsi. Ari dikawal sina ngahiji, sieun kalahkah bagi-bagi jatah bancakan! Hese rek dibawa bener teh. Abong geus bakat meureun nyandu kana korupsi teh!"
"Heueuh, mangkaning sakeudeung deui rek Pemilihan Umum. Asa waswas we sieun salah milih!"
"Ah, da sabenerna mah lain Pemilihan Umum nu penting teh, tapi... PEMULIHAN UMUM. Kumaha carana sangkan boga pamingpin teh aleucreug, kitu oge rahayatna teu gampang dibobodo!"

© Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter