Lasuuut!

share to whatsapp

Mimitina mah Jang Ojil meunang SMS nyasar. Eta SMS teh asalna ti saurang mojang. Atuh, tina heureuy ningkat jadi silih heroan. Nepi SMS ge ayeuna mah mindeng silih bales. Ngaranna ge SMS-an mah terbatas. Kungsi Jang Ojil teh dikiriman foto kalayan MMS. Ngan asa teu jelas dina foto HP mah, da resolusina leutik. Eta nu matak panasaran hayang nepungan ge.

"Matakna mending jangjian we, panggih dimana!" ceuk Jang Sarmud.
"Enya. Engke di SMS deui jangjian ka imahna we. Wani ieuh uing mah!" jawab Jang Ojil PD pisan.
"Tah, kitu atuh. Eta lalaki sajati. Bener, langsung datangan we ka imahna."
"Ngan bingung euy. Kuring sieun kabelejog. Kumaha mun rupana goreng patut? Paur jauh tina sangkaan kuring."
"Ah, gampang atuh. Pas engke maneh mimiti paamprok, tuluy manehna bener rupana goreng...api-api we maneh kaserang asma! Tahan napas jiga nu eungap. Tuluy pura-pura rek ka Pukesmas kituh! Langsung we kabuuur! Daripada maneh kecewa..."
"Enya, mending kitu lah! Hade pisan tah ideu teh..."

Jang Ojil jangjian jeung nyi mojang kalayan SMS-an. Geus ditangtukeun waktuna. Jang Ojil cenah jam 4 sore rek datang ka imahna.

Trok...trok...
"Punten. Assalamu'alaikum," Jang Ojil keketrok di luar.
Teu lila, pas panto dibuka....
Serrrrrrrrrrrrrrrrrrr!! Jang Ojil panonna mencrong teu kiceup-kiceup, hate ngagebeg, kesang tiis kaluar, baham calangap. Gerentes hatena:
"Gustiiiiiiiiiii!! Jiga kieu meureun rupa bidadari teh? Memang teu jauh jeung na foto. Geulis pisan ieu nu sok SMS-an jeung kuring teh. Ngan bener ningali rupa asli mah... mmh Sandra Dewi ge eleh!"

Tah, ari waktu nyi mojang mukakeun panto, pas nempo Jang Ojil nu nangtung hareupeunna?
"Awww...!! Ngik...ngik....ngik!" Nyi mojang nahan dada jiga nu eungap, tuluy kapiuhan.

© Abah Amin







Follow:
Instagram twitter