Lirik "Sabilulungan"

share to whatsapp


Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genteng ulah potong
Sabilulungan persatuan tembong

Tohaga...
Rohaka...
Teguh tangguh perbawa sabilulungan
Sadia...
Sajiwa...
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Sabilulungan hirup sauyunan
Sabilulungan silih pikaheman
Sabilulungan tulung tinulungan
Sabilulungan kukuh persatuan

Santosa...
Samakta...
Teuneung ludeung
Ngajaring kawibawaan
Saihwan...
Sapaham...
Nagri nanjung berekah sabilulungan


Follow:
Instagram twitter