Lirik Lagu "Sapu Nyere Pegat Simpay" - Diah Iskandar

share to whatsapp


Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere pegat simpay, bakal kalakon
Takdir ti gusti hyang widi, pasti kasorang
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukut, hayu urang sosonoan


Follow:
Instagram twitter