Lirik Lagu "Pangandaran" - Doel Sumbang

share to whatsapp


Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Ehm... saksina bulan anu sapotong
Ehm... saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan

Sisi laut Pangandaran

Tina ati pada pada kedal janji
Urang silih asuh... silih asih silih jagi
Deg...ngadegkeun harti asih saenyana
Deg...ngadegkeun harti deudeuh saenyana

Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugi ka rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah

Sisi laut Pangandaran

Reud dicangreug hate geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut Pangandaran
Reud dicangreud beuki raket beuki geugeut
Sisi laut Pangandaran




Follow:
Instagram twitter