Beungeut Sasampayan
Ngabanyol mah loba carana, lain ngan saukur nyieun carita lucu dina kalimah-kalimah nu aya dina status atawa komen-komen baraya. Ciri humor di Sunda mah salah sahijina pikeun ajang silihkekeak kalayan euweuh nu ngarasa kanyerihatekun. Keur bahan gongonjakan di Kampung Rancabanyol mah aya oge nu make media visual. Salah sahijina make olahan program Photoshop (di Rancabanyol tibaheula sok disebut Sotoshop). Ari nu jadi kabiasaan nyaeta ngoprek beungeut baraya anggota Banyolan Sunda dihijikeun jeung foto sejen (editing foto). Tah, kusabab geus jadi kabiasaan, ieu olahan foto teh ngabijilkeun istilah "beungeut sasampayan". Ieu istilah teh meureun tina "awak sasampayan" nu hartina rek make baju naon ge mantes. Ari "beungeut sasampayan" mah leuwih kana beungeut baraya nu ditempelkeun kana foto olahan naon ge mantes.
Tah, ari nu jadi korban mah teu sagawayah. Aya "syarat-syarat" nu geus jadi perjanjian khusus papada baraya. Diantarana: nu beungeutna diolah bener-bener geus wawuh jeung pupuhu Rancabanyol katut baraya sejenna; aktif di group Banyolan Sunda; pernah miluan tepung lawung (kopdar); olahan foto teu jorang; nu beungeutna diolah jelemana teu nyeri hatean; jeung loba syarat sejenna. Nu pastina mah mun geus murudul ieu beungeut sasampayan tea aya na postingan, geus pasti (resikona) korban dipikawanoh ku balarea (kalayan dikekeak tangtuna); oge foto hasil olahan ngan meunang ngulibek di lingkungan Banyolan Sunda wungkul. Mun aya foto hasil olahan di Rancabanyol nu diposting di lapak sejen, pasti moal nyambung kana konteks heureuy nu aya di Banyolan Sunda. Kaasupna pembajakan eta mah. Da estu ieu mah heureuy keur di lingkungan Warga Rancabanyol wungkul.
Jadi, antara nu ngolah jeung nu diolah ge kudu geus deukeut. Teu sagawayah kabeh anggota group Facebook Banyolan Sunda bisa Nyotoshop sangeunahna baraya sejen. Misalna, nu ngolah jeung nu diolah can wanoh deukeut... nya bahan aya pipaseaeun. Da kadang prosedur aslina mah sok aya omongan heula antara korban jeung pelaku teh. Ameh teu kamalinaan teuing dina ngolah gambar atawa pas ngekeak. Ngaranna ge keur hiburan banyol ieu mah, kudu pijauheun kana pipaseaeun atawa pinyerihateeun nu jadi "korban". Mun kabeneran nu jadi korban bisa Nyotoshop, nya bisa nyieun "serangan balik" atawa mengparkeun korban ka baraya sejenna, Mun geus pada-pada ngarti mah, malah sok dijadikeun foto profil babarengan unggal baraya Banyolan Sunda.

Ku ayana beungeut sasampayan ieu, sok aya wae baraya nu kapeto jadi korban. Teuing salah naon atuh beungeutna, da ditempelkeun kana nanaon ge mantes we. Ieu conto baraya Rancabanyol nu kaasup korban beungeut sasampayan (Edisi Juli 2013).
Follow: