Lirik Lagu "Tibelat" - Nining Meida ft. Adang Cengos

share to whatsapp

 
Nining Meida - Tibelat



Ukur sarérét teuteup saliwat
Tapi duriat tumapel maskét

Matih lir peurah diri sumerah
Kumambang asih
Néang pangeunteupan deudeuh

Diri ngambang kabandang kajamparing ku manéhna
Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manéhna

Kamana atuh kamana
Néang manéhna
Metik atina
Sarérét jeung saliwat
Mawa tibelat
Sesah hilapna

Rérét manéhna
Teuteup manéhna
Seukeut pamorna
Ngahudang cinta


**

Gandrung tibelat
Liwung kabandang
Haté micangcang
Beurang jeung peuting

Raray kagambar
Haté gumeter
Hayang patepung
Sugan asih bisa nyanding

Diri ngambang kabandang kajamparing ku manéhna
Diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manéhna

Kamana atuh kamana
Néang manehna
Metik atina
Sarérét jeung saliwat
Mawa tibelat
Sesah hilapna

Jamparing asih
Nembus kadeudeuh
Daya asmara
Kembangna cinta




Follow:
Instagram twitter