Lirik Lagu "Duriat" - Darso

share to whatsapp


Darso - Duriat


Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Patingkuriling neangan lawang
Patingkaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa diaya-aya
Duriat datangna henteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka dibaca ku urang duaan
Dijaga diriksa pinuh rasa kaheman




Follow:
Instagram twitter