Jurig Rasis

share to whatsapp

"Juriiiiiiiiiiiiig!" ceuk Sekdes bari nunjuk ka lebah tangkal caringin.
Nu keur ronda patingpolohok. Da ku maranehna mah teu katempo.
"Mana siah Sekdes? Sok nyingsieunan wae. Reuwas aing mah!" ceuk Camat.
"Heueuh! Euweuh ah!" Ceuk Mang Ndien bari milu nyidik-nyidik.
"I....i....tu.... ku...kunti....keur...keur u..ucang...ucangan!" ceuk Sekdes bari ngedegdeg.
"Mana ah, taya nanaon! Aya ge tangkal caringin," ceuk Kang Ceef Ones bari sarua nyidik-nyidik. Dalah dibolototkeun, ku nu lain weleh teu katempo. Sekdes noroktok sorangan nepi ngiihan maneh.

Teu lila si kunti ngageleber nyampeurkeun Sekdes, terus ngaharewos:
"Kesiaaan deh lu! Da uing mah bisa katempo ngan ku jelema goreng patut...hihihihihihihi!" Kunti nyikikik.





Follow:
Instagram twitter