Riung Mungpulung di Babakan Curug, Cijambe, Subang

share to whatsapp


"Jadi teu euy? Laukna geus siap cenah ceuk Ki Ubbay."

"Ari engke ngumpulna di mana?"
"Di Pasirkoja we biasa. Start ti dinya, aya nu mawa mobil. Nu kanu motor oge rek bareng cenah!"
"Sip. Jieun atuh acarana di Facebook, SMS, jeung BBM. Undangan langsung tah barudakna!"
"Ok. Sip!"

Eta meureun nu disebut jaringan komunikasi di Rancabanyol mah. Teu perlu make parea-rea cangkem. Ku kodeu kitu ge masing-masing papada surti merenahkeun dina tugas sewang-sewangan. Nu jadi sahebul baet, geus nyiapkeun lauk keur useupeun. Atuh teu poho balongna ge dicaian. Da maenya rek nguseup balongna garing mah! Najan keur usum halodo ge, alhamdulillah geuning di Kampung Babakan Curug, Cijambe, Subang mah cai teh teu kakurangan.



Atuh dina prakna, acara nu dilumangsungkeun poe Saptu-Minggu, 15 - 16 September 2012 ieu minangka ajang silaturahmi baraya Banyolan Sunda alias warga Rancabanyol nu aya di unggal wewengkon di Jawa Barat. Ngahaja diayakeun mimiti poe Saptu teh ambeh nu jauh bisa reureuh heula sapeuting mah. Tapi rereana daratang jul-jol ti unggal wewengkon di Jawa Barat teh kira-kira ba'da ashar. Atuh parkir jadi pinuh, oge kasampak teh baraya geus aya oge nu keur gogoleran ngareureuhkeun awak. Peutingna, ari nu nyandu nguseup model Kang Aham, Jang Epul, Bah Agan, jeung Hansip Rancabanyol mah geus naragog gigireun balong.


Aya nu ngadon galigitaran, da kabeneran aya nu ahlina model Jang Puji nu sok biasa mintonkeun kamonesan akustik di unggal panggung. Jadi rek lagu naon ge manehna mah siap. Malah sapeupeuting hayoh jadi gitaris dadakan, nepi ka nyanyautan ramo cenah. Di juru aya 3 tim nu keur sing gareplak gapleh. Jiga Kang Hermawan nu karek datang langsung gapleh, ngan edas manehna tuluy jadi RT...atuh salila gapleh helm full face terus napel di sirahna. Ari ibu-ibu mah biasa we ngalobrol bari mepende budakna sewang-sewangan. Da rek mepende salakina masing-masing mah asa raragab. Nepi laju ka janari lolobana ngagaluher. Tapi nu lain ge teu saeutik nu ngahaja ngalawan Rhoma Irama, nyeta bagadang. Ari Mang Ugun, Ceu Iie, Kang Mulyana, Kang Dian, jeung Kang Erry mah ngadon ngiles. Pas ditanyakeun cenah keur nyiapkeun lahan keur isuk rek ngayakeun games, kaulinan galah asin, sorodot gaplok, jeung loncat tinggi.


Isuk-isukna...
Baraya geus siap-siap rek ngayakeun games atawa kaulinan. Baraya ngariung di lapang parkir nu ayeuna mah geus digarisan make apu. Di dieu baraya ti tim outbound Travelindo nyieun rupa-rupa kaulinan pikeun ngahijikeun kelompok. Najan luut-leet kesang alatan hawa nu ngaheab, baraya tetep ngagedur sumangetna. Najan cai beak sabaraha teko ge terus rupa-rupa kaulinan dilakonan nepi ka rengse. Nu puncakna ngayakeun loncat tinggi. Beu! Geuning rasa kasono kana kaulinan keur budak teh karasa keneh. Ibu-ibu, bapa-bapa, mojang-bujang, nepi ka budak leutik ngaluncatan runtuyan karet geulang. Beak ku seuri ningali polah baraya nu sing arapung jiga film silat.


Geus cape mah, tangtu lapar. Baraya taruang berjamaah. Tos kitu reureuh sakedap. Tukang elekton tunggal nu ngahaja dipasang di tepas imah mimiti ngahibur. Acara ngahaleuang ge dilakukeun giliran papada baraya. Nepi, keur anteng aya telepon asup. Pek teh Teh Nining Meida nu keur lieur neangan jalan asup. Antukna salah saurang baraya diutus pikeun ngajemput di sisieun jalan raya Subang. Alhamdulillah, Teh Nining Meida kalayan salamet bisa nepi ka lokasi. Ieu anggota baraya Banyolan Sunda nu kaitung senior tur loyal asa geus teu ragab deui jeung baraya lainna. Da geus ngarasa dulur, tur wawanohan lain sataun-dua taun. Teh Nining teu ngarumasakeun manehna artis Sunda nu kahot, di Banyolan Sunda versi kopdar mah sadaya sama rata-sama rasa tanpa ningalikeun saha kasang tukang jeung status baraya. Kabeh dulur.

Teh Nining nu ngahaleuang ngagunakeun minus one oge sakali-kali ngagunakeun iringan ti elekton tunggal. Alhamdulillah, baraya bisa mijah tur nu lalajo jadi nambahan. Ti Pa Tani, tukang ngurek, ibu-ibu, nepi ka tukang angon kabeh aub di tempat baraya Banyolan Sunda ngayakeun riungan. Lagu-lagu andelan Teh Nining Meida ngaguluyur. Bareng jeung halimpuna sora Teh Nining ngahaleuang, kabeh baraya milu ngengklak.


Aya nu ngengklak bari nguseup, di jero dapur, di gigireun imah, di tengah imah, nepi nu keur liwat ge patingraronghok dina pager milu peperengkelan. Kampung Babakan Curug, ngadadak ibur da teu puguh-puguh jug aya konser tunggal di deukeut balong Pa Haji Bandung alias Ki Ubbay alias Ki Garfield alias Ki Ucing alias Ki Geyot. Ieu meureun berkahna duduluran nu salila ieu dilakonan di dunya maya, geuning ku seringna patepung di alam nyata mah, teu aya deui jarak. Kabeh ngarasakeun jadi kumaha jadi dulur nu sagetih Sunda. Ku ragamna profesi (guru, pejabat, pengusaha, ibu rumah tangga, pelajar, tukang kuli, karyawan, jsb.), umur, nepi ka kaayaan baraya, ieu hal nu tangtuna bisa diperenahkeun kalayan nyiptakeun bibit-bibit potensi saling ngaberdayakeun disaluyukeun kana kaahlian jeung kaleuwihan widang masing-masing.


Jeung deui, alhamdulillah tiap aya acara kopi darat (gathering) dulur anyar teh terus nambahan. Memang teu unggal baraya jadi "aktifis" langsung, aya nu jadi relawan, donatur, simpatisan, oge aya nu bener-bener total milu kana sagala kagiatan Komunitas Banyolan Sunda. Ieu salah sahiji filosofis nu tetep dipengkuh ku Banyolan Sunda, yen seuri teu meuli bungah teu menta. Pon kitu oge banyol atawa humor sajatina keur ngageuingkeun deui diri urang salaku manusa yen humor nu sabenerna mah aya na kahirupan. Cag ah...




Follow:
Instagram twitter