Dokumentasi Riung Mungpulung Baraya Sunda (Format Flash)

share to whatsapp

Alhamdulillah, acara Riung Mungpulung Akbar Baraya Sunda dina raraga milangkala group Banyolan Sunda nu ka-2 tiasa dilaksanakeun. Ieu acara nu dilaksanakeun, Minggu-6 Pebruari 2011 teh seueur baraya nu hadir, utamina ti group-group heureuy nu aya di Facebook (Group Ngadubako, Majalah Cakakak, Genk Pacilingan, Ceu Romlah, sareng D'Weureuz). Oge para palaku usaha baraya Banyolan Sunda (www.usaha-baraya.co.cc). Acara nu diajangkeun utamina nyaeta silih pikawanoh antar baraya nu salami ieu ngan tepang di alam maya. Geuning tos tepang di alam nyata (kopi darat) mah, baraya katingal mibanda ciri khas urang Sunda: resep gogonjakan. Ditambih deui ku eusi acara sanesna: sulap & dongeng ti Kang Taufik Faturohman, hiburan elekton, dugi ka pembagian hadiah sumbangan ti para sponsor.

Ayana riungan kopi darat ieu sanes mung saukur gogonjakan atanapi hiburan wungkul. Aya niley positif sanesna, sapertos: ngawanohkeun usaha/bisnis/produk nu dikokolakeun ku unggal baraya, ngawanohkeun kagiatan nu baris dilaksanakeun ku baraya/group sanesna, dugi ka ajang milari jodo :) Alhamdulillah, sanaos 90% baraya nu sumping teu acan kantos tepang, di acara samodel kieu mah tiasa silih pikawanoh kalayan ngenalkeun dirina masing-masing (nami, padumukan, profesi, jsb.), nu ahirna tiasa manjangkeun tali silaturahmi sareng baraya sanesna.

Ieu sababaraha foto hasil dokumentasi kagiatan.



Album dokumentasi (format Flash Player)






Sumber foto: Kang Ewoy, Kang Vitman, Kang Irfan, Neng Dina



Follow:
Instagram twitter