Cengek Oh Cengek!

share to whatsapp

#
"Pa Dokter, sinarieun unggal dinten amengan ka Pasar ayeuna mah?" ceuk Mang Uned ka dokter Madra'i, saurang dokter jantung.
"Jaga-jaga we Mang. Nalingakeun ibu-ibu nu meuli cengek jeung cabe! Eta katingalina mah loba nu renghap ranjug... palaur aya nu ngadadak jantungan." jawab dokter Madra'i.

#
"Ih, si Akang mani sombong ayeuna mah!" ceuk leunca ka cengek.
"Waduh, punten Neng. Kaleresan ayeuna mah Akang nuju janten selebritis!" jawab cengek bangun nu gaya.
"Uing iraha nya atuh kabawa jual mahal?" gerentes jengkol.

#
"Maaaa!! Mahal ah cengekna, maenya 1000 ngan dibere 3 siki?" ceuk si Adun ka indungna, bari ngasongkeun cengek nu dibeuli di warung Bi Iroh.
"Ka dieukeun Jang. Cengekna ge da moal direndos ieuh. Rek dilaminating ku Ema! Kenang-kenangan keur engke jaga....!"

#
"Mang, naha dagang gehu jeung bala-bala teh tara make cengek ayeuna mah?"
"Puguhan keur mahal cengekna. Ieu gagantina geus aya: sireum sakeresek!"

#
"Ku naon nya Mang Endin rada hulang-huleng wae katingalina ayeuna mah?"
"Heueuh, hanjakal cenah. Kamari ngajual kebon 2 hektar. Boro dijual murah. Kebonna apanan kabeh dipelakkan cengek! Waktu geus beres dijual... harga cengek nerekel. Atuh ceuyah tuh nu meuli kebonna! Mangkaning cengekna jadi kabeh... meungan kintalan!"

#
Nu rek hajat kawinan.
"Bu, punten sapertosna mah biaya katering tiasa ditambihan?"
"Naha?"
"Cengekna awis! Atuh, cengekna tiasa ti ibu wae?"

#
"Angkat tangan! Naon eta na tanggungan?" ceuk begal.
"Eu... eu... ieu sadayana cengek! Tong dicandak tanggunganna....wios ieu HP abdi wae candak!"
Buk! Tukang cengek kapiuhan. Tanggungan dibawa ku begal.





Follow:
Instagram twitter