Wawangsalan

share to whatsapp

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Contona:

Be-lut si-sit sa-ba da-rat, (8 engang)
Ka-pi-ra-ray si-ang we-ngi. (8 engang)

Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)

Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)
Conto wawangsalan lainna:

Anu siram kokojayan,
abdi pamoyokan badis
= ngoyok

Angeun somah pakampungan,
kajeun bedo ti kamari
= bodo

Areuy leuweung mérang daun,
ulah sok japilus galih
= pulus

Aringgis sok nyatang bolang,
kapongpongan siang wengi
= lompong

Asal hiji jadi dua,
temah matak sesah ati
= walimah

Awi ngora téh jaradi,
temah matak jadi liwung
= iwung

Aya nu dianjang cai,
aya nu dihéroan = séro

Aya mesin bisa ngapung,
kapidara diri abdi kapal = udara

Baku sok ngalebu badag,
reueus keur sareng jeung istri
= areng

Balandongan ngujur jalan,
sok hayang geura los indit
= elos

Balé diréka masjid,
nya pikir bati rumajug
= tajug

Bangkong lodor meuntas jalan,
titis tulis bagja awak
= bayawak

Bango héjo hérang jangjang,
piraku engkang ka abdi
= merak

Bango leutik bodas hulu,
mo samar ka diri abdi
= camar

Baréto gé batur pirus,
juragan geuning pelekik
= akik

Batuk eungap hésé damang,
saé sumping baé wengi
= mengi

Béas ditutuan deui,
iraha atuh patepung
= tipung

Bedil langit handaruan,
engkang sapertos kalinglap
= gelap

Sumber
:
- Budi Rahayu Tamsyah, Pangajaran Sastra Sunda, Pustaka Setia (1996)

- http://aliyahcijulang.wordpress.com



Follow:
Instagram twitter