Paolo Boi (1528-1598) nyaeta, pecatur Italia kalahiran Siracusa, ku kituna manehna katelahna "si urang Siracusa". Manehna dianggap minangka salah sahiji pecatur pangjagona di abad ke-16.
Paolo Boi (katelah
oge Bove atawa Siracusano) dilahirkeun
ti kulawarga anu dipihormat sarta beunghar.
Waktu keur leutikna manehna geus resep kana
kaulinan catur.
Manehna kungsi ngalawan catur jeung Paus Pius V
sarta loba bangsawan
Italia sejenna. S
arta manehna ge pernah
ngelehkeun Paus Paulus III
dina hiji pertandingan catur taun 1549. Aya
oge nu nyebutkeun yen manehna kungsi tanding catur
jeung Raja Spanyol, Felipe II.

Paolo Boi pernah ngurilingan E
ropa sarta hirupna meunang tina hasil catur.
Dina katerangan ti sumber lain, hiji waktu di taun 1570 manehna kungsi ditangtang maen catur hiji wanona geulis. Boe yakin bisa ngelehkeun eta mojang. Ngan aneh, waktu skakmat, eta anak catur (raja) manehna nu tadina bodas ngadadak robah jadi hideung! Waktu manehna sadar, mojang nu tadi ngajak catur langsung ngiles hareupeunana pisan. Matakna penggemar catur dunya mah aya kapercayaan yen Paolo Boi pernah catur ngalawan dedemit. Ceuk informasi lain, Boi
kungsi ditewak ku bajak laut Aljazair,
sarta dijual dijadikeun tawanan.
Saurang penggemarna
mantuan manehna kalayan ditebus,
ku kituna manehna ahirna bisa balik ke lemburna. Boi tilar dunya
di Napoli taun 1598
alatan kanker. Tapi ceuk info
sejen nyebutkeun yen manehna maot diracun
ku pembantuna
sorangan.
Follow: