Kecap Rundayan: Rarangken Tengah

share to whatsapp


Rarangken tengah nyaeta rarangken anu diselapkeun kana wangun dasar kecapna. Rarangken tengah dina basa Sunda aya tilu nyaeta –ar-, -um-, jeung –in-.

1. Rarangken Tengah –ar-
Rarangken tengah –ar- mibanda alomorf: -al-, -ar-, jeung ra-. Rarangken tengah –ar- robah jadi –al-, upama:
a) wangun dasarna dimimitian ku konsonan l
Contona:
lieur + -ar- -----> lalieur
leuleus + -ar- -----> laleuleus

b) wangun dasarna ditungtungan ku konsonan r,
Contona:
bageur + -ar- -----> balageur
pinter + -ar- -----> palinter

c) wangun dasarna mibanda engang nu ngandung konsonan gabung (kluster) br, tr, cr, kr, pr, jr, jeung dr.
Contona:
kempreng + -ar- -----> kalempreng
gombrang + -ar- -----> galombrang

Rarangken tengah –ar- robah jadi –ar- upama wangun dasarna dimimitian ku vokal

Contona:
asup + -ar- -----> arasup
ulin + -ar- -----> arulin

-Rarangkén tengah –ar- robah jadi –ra- upama wangun dasarna ngan saengang sarta dimimitian ku konsonan

Contona:
cleng + -ar- -----> racleng
beng + -ar- ------> rabeng

Guna jeung harti rarangken tengah –ar-, di antarana:
- ”Barudak keur arulin di buruan.”
Rarangken –ar- dina kecap barudak gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’loba...’.

- ”Nu rek rapat teh geuning can daratang.”
Rarangken –ar- dina kecap daratang gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’loba nu ngalakukeun...’.
Conto sejenna: baralik, arulin, dalahar, sarare

-”Meh kabeh nu datang ka dieu nalaksir kan Neng Elis.”
Rarangken –ar- dina kecap nalaksir gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’loba ngalakukeun ka/kana ...’.
Conto sejenna: nyariwit, nyarium

4. ”Abdi mah nuju rarepot, nu mawi moal tiasa dongkap.”
Rarangken –ar- dina kecap rarepot gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’aya dina kaayaan terus-terusan ...’.
Conto sejenna: nyareri, rarieut, laleuleus

- ”Di Jatiluhur mah lauk teh paraeh kabeh.”
Rarangkén –ar- dina kecap paraeh gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’loba dina kaayaan...’.
Conto sejenna: baruruk, garoreng, garede, parait

2. Rarangken Tengah -in-
Guna jeung harti rarangken tengah –in-, di antarana:
a. ”Sagala rupa oge kudu aya perjanjian tinulis.”
Rarangkén –in-, dinu kecap tinulis gunana ngawangun kecap pagawean (pasip) nu hartina ’geus kakeunaan ku...’.
Conto sejenna: sinerat, ginanjar

b. ”Mudah-mudahan hidep sing pinanggih jeung kabagjaan.”
Rarangken –in-, dinu kecap pinanggih gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’aya dina kaayaan...’.
Conto sejenna: tinemu

c. ”Prabu Yudistira teh kawentar raja sinatria.”
Rarangkén –in-, dinu kecap sinatria gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat...’.
Conto sejenna: pinandita

d. ”Upami aya waktos, tinangtos abdi oge dongkap.”
Rarangken –in-, dinu kecap tinangtos gunana ngawangun pancen nu mangrupa ’mamanis.’
Conto sejenna: sinareng

3. Rarangken Tengah –um-

Rarangken tengah –um- mibanda alomorf –um, upama wangun dasarna dimimitian ku vokal (aksara hirup).

Contona:
amis + -um- = umamis
aing + -um- = umaing

Guna jeung hartina, di antarana:
1. ”Samemeh lumampah teh kudu dirarancang heula.”
Rarangken –um-, dinu kecap lumampah gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto sejenna: lumaku, sumujud

2. ”Ayeuna kuring teh keur kumawula ka Haji Rendi.”
Rarangken –um-, dinu kecap kumawula gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’ngalakukeun pagawean salaku...’.

3. ”Urang teh teu hade gumantung wae ka kolot.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumantung gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’dina kaayaan...’.
Conto sejenna: gumulung, tumamprak, sumerah

4. ”Manehna datang ka dieu bari lumengis.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumengis gunana ngawangun kecap pagawean (aktip) nu hartina ’ngalakukeun tuluy-tumuluy/remen...’.
Conto sejenna: rumahuh, jumerit, sumegruk

5. ”Gedang teh geuning geus gumading.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumading gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat/saperti...’.
Conto sejenna: humaseum, lumého, kumincir, umamis

6. ”Kuring mah teu resep ka awewe nu gumeulis teh.”
Rarangken –um-, dinu kecap gumeulis gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga rasa/kalakuan saperti nu...’.
Conto sejenna: umaing, gumede, gumasep

7. ”Kuring mah teu rumasa salah.”
Rarangken –um-, dinu kecap rumasa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga...’.

Sumber: Galuring Basa Sunda (Budi Rahayu Tamsyah, Spk.), Penerbit Pustaka Setia (Bandung), Citakan II- 2001



Follow:
Instagram twitter