Istilah Kobra (Kolot Baragajul)
Ari ngeunaan bab salingkuh jeung kawin deui mah, moal eleh ku genk Icikibrut pingpinan Mang Doyeng.Manehna jeung babaturanana geus boga kodeu sorangan mun arek nyiar ceungceuman anyar atawa rek ka nu ngora. Jiga basa Mang Doyeng keur di imahna, manehna geus saged. Nyi Icah mah ngan pati jamedud basa nanya tuluy dijawab ku Mang Doyeng, cenah: "Rek bisnis ngiangkeun sampeu ka kota jeung Mang Ja'i!
Basa beres nyisiran, Mang Utun jeng Mang Ja'i nyampeur. Manehna duaan cicing di tepas imah.
"Buru atuh euy, dangdan teh meni lila-lia teuing!" ceuk Mang Utun ti luar.
"Ke heula atuh! Ieu buuk can lucir yeuh!" walon Mang Doyeng ti jero imah. Teu lila manehna kaluar, "kumaha euy geus siap?"
"Wah, jigana mawa sampeu mah teu bisa euy. Sampeuna goreng.... baradag teuing!" geus mulai kodeu jiga basa intel kaluar ti Mang Utun. Maksudna awewe nu didatangan awakna badag, teu napsu meureun manehna mah.
"Waduh... kumaha atuh? Mangkaning bandarna hayang didatangan kamari euy!" jawab Mang Odoy mere kodeu yen eta awewe pangulinan teh geus menta dianjangan.
"Lah, mending kuring mah ka Kadu Ngora! Cenah di ditu kuring bisa niis" ceuk Mang Utun mere kode yen manehna geus hayang mondok moek ka nu ngora.
"Euh. Atuh kumaha ieu teh jadi moal? Kuring ge panan aya bisniseun yeuh. Karek manggih leunca kumecrot di kampung sabeulah. Lebar lamun teu diangkut. Kuring keur butuh usaha anyar deui yeuh." Mang Ja'i embung eleh. Manehna karek meunang kenalan nyi mojang ABG di kampung sabeulah.
"Geus we atuh kieu. Maraneh milu heula wae ka kuring.... silih anteur kumaha? Kuring ayeuna rek nempo heula si Layung, domba nu aya di Cikiara. Alus pisan awakna. Sugan bisa dikukut jeung dipimilik ku kuring!" Mang Doyeng ngiceupan, Mang Ja'i jeung Mang Utun nu nyerengeh.
Basa manehna rek Indit... Nyi Icah kaluar ti kamer bari ngalungkeun HP ka Mang Doyeng nu eusina SMS ti Si Layung.
"Yeuh siah! Heran aing mah domba ayeuna mah bisa SMS-an!"
Geus kitu mah, ngan gur ger wae pasea rongkah. Mang Ja'i jeung Mang Utun ngibrit sieun kabalerang. © Abah Amin
Follow: