Istilah Facebook

share to whatsapp

Di jero imah, Nyi Ikem jeung Mang Emplud keur pasea rongkah. Abong duanana geus kacanduan Facebook, atuh paseana ge beda jeung nu lian:
"Ah, siah kanyahoan geus nga-add randa anyar di kampung sabeulah nya?" Nyi Ikem gantawang nyarekan salakina.
"Sumpah! Nya... lamun geus tudah-tuduh ka hubby teh sok kamalinaan! Mana? Katingali kusorangan: euweuh nu ngonfirm uing!" jawab Mang Emplud, "Uing mah ulin ngahaja rek search people ka lembur sabeulah ngan niat silaturahmi. Panan nyaho ilaing ge, silaturahmi teh membantu Anda terhubung dan berbagi dengan orang-orang dalam kehidupan Anda!"
"Lah, sok loba hoax siah kuring nyaho ti komentar-komentar jeung notification ti tatangga. Cenah ilaing geus affair! Eta wae buktina ceuk Nyi Isah... Neng Donto menyukai Mang Emplud 3 hari yang lalu. Malah ilaing ngaganti status hubungan: lajang! Komo cenah kamari-kamari mah wani ngaku hubungan rumit bin complicated sagala! Silaing teu wani ngaku status menikah dengan Nyi Ikem. Tanggal hubungan: 6 Mei 1978?"
"Tuh... cenah jeung cenah we! Nyaneh meureun Sarikem, loba nyieun status teu paruguh di warung Bi Enay! Jadi we batur kapancing!"
"Beuh! Masih keneh alesan? Tah, siah email cinta dina pesak kameja, eta nu saha?"
"Yeh, eta mah lain email cinta tapi Notes nu si Juhro!"
"Ma enya notes bisa di-tag ka ilaing?"
"Nya kumaha si Juhro wae atuh! Make pipilueun sagala? Manehna mah ngan nitipkeun wungkul ka uing.. rek dibikeun ka Nyi Karsih!"
"Pek engke ku uing di-inbox siah ka Mang Juhro!"
"Sok wae! Teu sieun di-warning uing mah! Na sia teh, asa aing pang-admin-na dina rumah tangga teh! Teu gimir uing mah rek dilaporkeun atawa diblokir ge! "
"Ah, lain rek teu percaya. Ngan asa bosen wae... rea berita populer jeung berita baru ti batur: Mang Emplud sekarang berteman dengan Neng Donto dan 8 orang lain; Mang Emplud mengomentari status Neng Donto; malah nepi aya gosip Mang Emplud menyukai foto Neng Donto! Moal sia gabung jeung group Kobra... Kolot Baragajul? Atawa...euh... boa-boa ilaing geus like ka Fans Page Neng Donto, nyah?" Nyi Ikem beuki jamedud. Mang Emplud cengkat bari mapatahan pamajikanana nu kaheab ku hawa gosip:
"Gusti! Aya ku hese dijelaskeun ieu pamajikan aing! Yeuh Ikem-ku sayang... kuring nu boga username: Mang Emplud! Boga password sorangan pikeun teu kagoda ku nu kitu mah! Kieu-kieu ge kuring boga setting privacy! Nya kuring ge taki-taki lamun hiji waktu aya nu nga-hack akun cinta kuring ka dirimu! Da kajeun ramijud kieu ge... salaki maneh teh friendlist jeung link-na rea di unggal lembur... komo wanoja mah! Maneh kuduna reueus boga salaki loba nu mikaresep teh! Kuring mah paling banter ge ngan: chatting! Meunggeus ah... tong ngagugu jeung mercaya omongan batur, bisi hubungan urang disconnect ku hal nu teu perlu!"

© Abah Amin






Follow:
Instagram twitter