Puber Ka-9

share to whatsapp

Teuing keur puber ka-9 alias beger mindo kajajaden. Sekdes ngadadak loba gaya. Awak disemprot minyak seungit Mandom. Buuk lucir make minyak rambut Lavender. Dangdanan necis. Bedog cinta alias sisir teu weleh dibawa kamamana. Unggal sore manehna ngahaja nongkrong di hareupeun pos ronda RT 05. Naon sabab? Sabab tiap sore manehna ngahaja nyegat Teh Elly.

Ringkang-ringkang ti kajauhan Teh Elly leumpang ngaliwatan jalan hareupeun pos ronda. Sekdes cumentol masang aksi.
"Huit cuwiw... cewek..godain kita dong!" bari tuluy heheotan.
Teh Elly ngadilak, bari ngajawab ketus:
"Memangna aku ini burung? Diheotan sagala?"

Poe kadua. Sekdes keukeuh pasang aksi deui. Leuwih wani ayeuna mah, basa Teh Elly ngaliwat:
"Hallo say... baru pulang neh?" tanya Sekdes gumasep.
"Memangna aku inih sayur? Panggil-panggil say sagala!" jawab Teh Elly bari ngabecir.

Poe katilu.
"Hallo... yang! Bade dianteur ku Akang?"
"Memangna aing Eyang maneh? Make manggil yang sagala?!!"

Poe kaopat. Sekdes ngaluarkeun rayuan gombal!
"Neng Elly. Akang teh kapengpeongan pisan ku Neng Elly!"
"Memangna aing anak munding? Dipanggil Neng sagala?!!"

Poe kalima. Sekdes ngaluarkeun jurus rayuan pamungkas. Kabeneran Teh Elly balik ti warung Bu Ade.
"Neng, pami Neng Elly teu nampi cinta Akang. Akang bade bunuh diri!"
Eta mah Teh Elly rikat ngasongkeun Baygon, silet, jeung tambang... meunang meuli tadi.
"Sok rek milih nu mana?" tanya Teh Elly teugeug! © Abah Amin
Qu mO d474ng k humz Qmu lEh g? Nx Qu tilp




Follow:
Instagram twitter