Warga Rancabanyol Kasurupan Massal

share to whatsapp

Teuing keur aya masalah jeung kabogohna, ayeuna Jang Icam katingal sok rada langlang lingling. Manehna sering katingal huleng jentul. Panonna mencrong tapi kosong. Dahar ge asa jarang. Komo ayeuna mah jiga katerap panyakit insomnia alias hese sare.

Nepi ka hiji poe, basa manehna balik ngaliwatan astana gede, Jang Icam katingal aneh. Beungeutna sepa. Ngomongna ngalantur. Jeung deuih aneh sok lalaguan sorangan. Tah, puncakna basa keur diajak gapleh di pos ronda. Manehna di dinya jug ngagurubug teu pupuguh. Panon bolotot jeung sesentak!

Teu lila, Jang Icham ngagajleng tina luhur pos ronda bari kokosodan, turu nyanyi nepi ka mangkreng urat-urat na beuheungna:

Load up on guns and
Bring your friends
It's fun to lose
And to pretend
She's over bored
And self assured
Oh no, I know
A dirty word

hello, how low?

"Icam kasurupan! Icam kasurupan!" ceuk Mang Ndien bari awak Icam diregeng. Tapi Jang Icam terus barontak bari hut het pakupis. Bener-bener teu katahan ieu mah nu ngancik kana raga Jang Icam. Teu lila daratang warga Rancabanyol. Kabeneran tah Ustad Wira nu jago ngurus jalma kasurupan mah. Manehna menta cai bodas ka Teh Elly. Jang Icam beungeutna langsung dibura ku cai:
"Puaaah! Saha siah nu ngancik ka diri dulur aing, hah? kaluar siah!" Ceuk Ustad Wira ka mahluk halus nu ngancik na awak Jang Icam. Eta nu kasurupan teh jug nangtung bari ngomong:

"I am? Curt Cobain! Nirvana vocalist!"

Cenah bener, ceuk na berita di TV ge kasurupan mah sok nular. Eta buktina teu leuwih ti 5 detik, Mang Ndien langsung kasurupan. Manehna kasurupan ku Hitler! Tuh, komo nu tadi huleng jentul sorangan: Sekdes Rancabanyol... manehna kasurupan ku John Lennon. Jug nyanyi Obladi Oblada. Lurah Rancabanyol sorangan mah nepi kasurupan ku Michael Jackson. Teu pupuguh eta ki Lurah jug Moon Walk. Heuleut 10 menit, Teh Elly jeung Teh Yuyu ngagurubug, kasurupan Marilyn Monroe jeung Evita Peron. Eta nu kasurupan ku Evita Peron mah panan langsung ngahaleuang, mic-na make gantar awi:

Don't cry for me Argentina.....
Negeri elok amat kucinta
Tanah tumpah darahku yang mulia
Yang kupuja sepanjang masa

Tanah airku aman dan makmur
Pulau kelapa yang amat subur
Pulau melati pujaan bangsa
Sejak dulu kala

Melambai lambai
Nyiur di pantai
Berbisik bisik
Raja Kelana

Memuja pulau
Nan indah permai
Tanah Airku
Indonesia

© Abah Amin



Follow:
Instagram twitter