Kobra...... Kolot Baragajul

share to whatsapp

Aya aki-aki keur ngomong ka babaturanana ngeunaan mojang bahenol nu tadi diajak kenalan ku manehna di hareupeun imah.
"Kumaha tah, geulis teu euy?" tanya babaturanana bari masang huntu palsu.
"Euh! Eta mah pas diajak kenalan.... kulitna mulus, biwir ambucuy, awak bodi gitar, buuk ngarumbay!"
"Tuluy!"
"Tuluy manehna daek cenah diajak ku kuring mondok moek. Asal datang nyampeur ka kostanana!"
"Saha ngaranna?"
"Nyeta poho deui! Tadi mah basa kenalan manehna ngomong mun teu salah mah asa Susan... eh, Juleha.... asa Lina, asa Munaroh. Euh... Rini... Mmmm atawa Indri, nya? Cilaka, poho euy!"
"Dimana imahna?"
"Ke... tadi mah asa di Margahayu. Eh, Cimahi. Lain-lain ketang.... asa di Cileunyi. Tapi asa lain... di Cililin kitu? Tapi dedengean mah asa di Majalaya."
"Sugan mere nomer telepon?"
"Tah, mun asa eta inget!! Ke...ke ... nomerna teh asa 147! Telepon kitu ayeuna ku kuring?"
"Sia, jadol. Eta mah nomer kantor kelurahan atuh! Kamana wae nya! Geus molor di imah geus pikun kieu mah, yeuh jiga uing!"
"Ah, imah di mana? Ilaing ge angger cicing di imah uing nepi ka ayeuna. Make luluasan tuda, geus nyaho pikun, der ulin ka imah uing. Geus nyaho di imah ge ieu kuring sorangan. Teu boga anak incu. Serba salah! Engke mun uing nganteurkeun deui ka imah ilaing. Sarua pada-pada nyasab!
"Heueuh, ketang. Geus lah urang cicing we di dieu nepi anak atawa incu uing manggihan sorangan. Ke... ngomong-ngomong, ari ngaran di dinya teh saha?" © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter