Kacamata Ruksak?


"Hebat!" ceuk Jang Apud bari sura seuri tuluy mayar eta kacamata ka Kang Akung nu bageur gagah tur kasep. (Eta disebut kitu teh lantaran Kang Akung nyuguhan nginum cai herang basa kuring datang ka tokona. Komo mun nyuguhan es krim nya? bisa-bisa disebut geulis! hahay...)
Jang Apud tuluy balik ka imahna bari angger make eta kacamata, teu lila manehna nepi ka imahna, manehna hayang nembongkeun kaca mata eta ka pamajikanna, Jang Apud teu manggihan pamajikana nu biasana sok aya di ruang tengah bari lalajo telepisi, Jang Apud tuluy neangan pamajikanna ka kamerna..
Jang Apud nempo pamajikana keur buligir jeung lalaki tatangga manehna. Jang Apud ngalaan kacamatana, tapi pamajikana jeung eta lalaki masih keneh buligir. Dipake deui eta kacamata tembus pandang teh, duanana masih angger buligir. Kadua kalina manehna make deui eta kaca mata bakating ku panasaran, angger keneh duanana buligir!
Bari jeung keuheul, Jang Apud ngagerentes: "Heuh! kacamata mahal-mahal, cenah produk anyar ti luar nagri, kakara sakeudeung dipake oge geus ruksak!".
Tuluy manehna indit deui ka toko kacamata Kang Akung maksudna rek komplen gara-gara kacamatana teu fungsi jiga tadi.
Kacaritakeun Jang Apud geus nepi deui ka toko Kang Akung, tuluy manehna nyaritakeun kajadian basa tadi nu kaalaman basa di imahna.
Jang Apud: "Kang, ieu kacasoca teh geuning reksak."
Akung:"Reksak kumaha, Kang? Apanan enggal keneh eta teh?"
Jang Apud:"Abdi tadi ngangge ieu kaca soca waktos dugi ka rorompok, abdi ningal pun bojo nuju duaan sareng pameget tatanggi abdi di kamar, duanana buligir. Ku abdi dilaan ieu kaca soca, angger keneh buligir."
Akung: ?????????
Kintunan Kang Jack Bluesman, baraya group Facebook Banyolan Sunda
Follow:
