Status Facebook Sato

share to whatsapp

Kabayang mun tiap sato boga akun Facebook. Pasti maranehna masang status nu aneh-aneh. Ieu contona lamun sato nulis status dina Facebook-na:

Anjing: Cape euy geus moro bagong!
Kelinci: Milu program KB wae kitu? Ieu anak kuring asa beuki riab. Jaba teu nyaho bapana deuih.
Sapi: Hayoh we susu uing diperesan! Getek nyaho....
Lauk: Ih, giliran uing iraha nya? Tatangga mah geus areuweuh, aya nu digoreng aya oge nu dipais.
Buaya: Moyan heula ah. Sakalian ngeceng tatangga sabeulah.
Manuk Beo: Hayoh we aing dititah diajar ngomong. Iraha atuh diajar nulisna, euy?
Cakcak: Eh, sssstt... tong ribut nya! Kuring keur aya di kamer Luna Maya yeuh.
Ucing: Cik atuh euy eta nu keur dalahar di meja makan geura gancangan enggeusan. Geus teu kuat yeuh hayang ngewat peda beureum. Pelem jigana tah.
Kalong: Duh.... iraha kuring bisa sare na kasur springbed? Lieur euy sare ngagulantung wae mah.
Sireum: Minggu-minggu ieu loba teuing dahar gula yeuh. Moal matak diabetes kitu?
Kuda: Hayang ganti sapatu.... mun bisa mah sapatu Adidas atawa Nike. Keren euy jigana.
Undur-Undur: Keur latihan leumpang maju euy! Do'akeun nya... sing sukses.
Monyet: Aing mun isuk dititah gawe doger monyet di parapatan. Rek bunuh diri! Rek nabrakkeun maneh kana ban treuk. Cape deuleu... nyiksa pisan nya boga dunungan teh.
Onta: Persediaan cai dina punduk loba keneh. Rek usaha air isi ulang ah.
Oray: Moal sakali-kali deui ngahakan linggis aing mah. Kapok!
Lauk hiu: Moal komen heula di FB ah, nuju nyeri waos.
Jarapah: Moal kacitak petir kitu ieu sirah uing?
Gajah: Maaf sayang .... aku lagi diet.
Kuya: Isuk rek milu lomba lari 10 K dalam rangka menyambut Hari Bumi.
Kutu: Ulin ah...luluncatan. Minggu kamari di sirah Jang Ariel. Kamari di sirah Neng Luna. Ayeuna keur kukurilingan di sirah Cut Tari. Sugan we isuk mah aya dina sirah Omas atawa Mpok Atiek.



Follow:
Instagram twitter